Wilujeng Sumping Baraya

Ngacaprux

Blog Entry33 Tahun Perjalanan Don Hasman di BaduyMay 16, '08 2:47 AM
for everyone
Kamari ngahaja nyelang ngahadiran acara Talk Show di FIB UI nu tema na 33 Tahun Perjalanan Don Hasman di Baduy, kanggo para peminat fotografi tah dihandap ieu biodata Don Hasman (Om Don) sareng sababaraha diantara prestasina, meunang ti panitia

Nama Lengkap :  Don Hasman

Tempat/Tanggal Lahir
: Jakarta 7 Oktober 1940, anak ke 7 dari 8 bersaudara. Kedua          orang tua dari   Betawi berdarah campuran Jabar, Malaysia, China     dan Portugis.

Pendidikan
: Lulusan D3, Akademi Hubungan Internasional, Jakarta 1971

Pengalaman
: Sejak tahun 1951 sudah gemar memotret pakai kamera kakak.Kamera pertama yang dipakai Voigtlander (6 x 9).
Tahun 1968 mulai proses cuci/cetak sendiri (black and white)

Tahun 1979-1995 menjadi wartawan Tabloid Mutiara Jakarta, ditarik oleh Aristides Katoppo.

Pensiun tahun 1995 (ditambah kontrak 2 tahun lagi).

Memotret di 5 benua (
Asia, Australia, Eropa, Afrika dan Amerika).
Rencana Juni 2008 ke
Alaska, Desember ke Antartika lewat Chili Amerika Selatan.
Tahun 1999 mulai memberikan ceramah-ceramah fotografi di FMSR ISI
Yogyakarta.
Tahun 2007 baru saja kembali dari Spanyol, jalur ziarah Santiago de Compostela, berjalan kaki selama 35 hari, sejauh 1000 km (2.256.680 langkah) dihitung dengan alat Pedometer.


Hobi/Prestasi
: Naik Gunung : Tahun 1976 Gunung Etna (Italia), Mount-blanc (Prancis), Damavand (Iran), Everest Basecamp (Nepal), dan telah     mendaki hamper seluruh gunung berapi di Indonesia(sekitar 40 gunung berapi)
Tertarik menjadi muslim sejak memotret komunitas muslim di Iran (1976)


Menyelam
: Tahun 1971 Great Berrier Reef (Australia), 1976 Laut Tengah Mediteranian (Turki), 1965 ikut mempelopori membuka Taman Laut Bunaken (Sulut, menyelam di Wakatobi (Sultra), NTT, NTB, Pulau Komodo, Gorontalo, Teluk Jakarta, Pesisir Timur Pulau Weh, Aceh tahun 1980an.
Memiliki 3 Sertifikat Penyelaman : 2 Internasional (PADI dan SSI), dan 1 penghargaan nasional (Pasukan Katak).


Menelusuri Gua
: Jenolan Cave (Australia), Gua-gua Pacitan, Sulsel, Sulut, Jabar dll.

Naik Sepeda
: Tahun 1959 ikut Tour de Java II, 1993 Rally Sepeda di Tibet 2000 km.

Menggeluti Arung Jeram sejak tahun 1968-2008 di berbagai tempat di
Indonesia.

Ikut Lomba Layar Tiang Tinggi Arung Samudera 1995 (
Endeavor, Australia)

Penghargaan Trophy Adinegoro
dalam Bidang Fotografi Jurnalistik 1987

Penghargaan Internasional 100 Famous Photograhers in the World (Perancis tahun 2000).


Selalu datang ke
Yogyakarta untuk berbagi pengalaman fotografi dengan mahasiswa FSMR ISI, pecinta alam dan generasi muda fotografi Yogyakarta.

Keluarga
: Menikah tanggal 31 Desember 1986 dengan Suryati dari Sumedang, Garut dan
mempunyai dua orang puteri Arina (20) dan Tarita (15)

 

 

 




Blog EntryOleh-oleh ti Lokakarya di KBSMay 4, '08 10:59 PM
for everyone

“Pelestarian Bahasa Dan Seni Daerah Sunda Dalam Kurikulum Pendidikan”

Poé saptu 3 mei 2008 isuk-isuk geus siap rék ngajugjug KBS, da dua minggu saméméhna meunang iber bakal aya seminar ngeunaan basa jeung kasenian sunda nu diluluguan ku ICMI – Bogor.. cék pikir pasti hadé yeuh acara téh.

Jujur wé semangat pisan ngajugjug KBS téh da hayang apal naon waé nu dipedar dina éta acara, malahan mah sababaraha poé saméméhna geus sibuk cécétingan + sms-an jeung baraya KUSnét nu aya di wewengkon Bogor néangan informasi ngeunaan éta acara, ahirna meunang info nu pasti ti kang Hendra (Balébat).

Tepi ka KBS acara inti na mah can prung, harita masih acara pembukaan nu dieusi oge ku bobodoran ti seniman-seniman KBS, tuluy wé kuring daftar heula, nulis ngaran jeung asal timana, ku ibu-ibu nu ditempat pendaftaran peserta dibéré sababaraha makalah nu ditulis ku Pak H. E. Iyod Sasmita, Ibu Elly Alyati, Ibu Dra Hj. Emy Rusmianah M. Pd, Pak Syahrudin Darwis.

Tidinya teu langsung ka balé pangriungan (tempat acara), da rék nepungan heula kang Hendra nu geus nungguan di Girang Seurat, ongkoh deui acarana gé can dimimitian.

Tepi ka Girang Seurat bari ngobrol jeung kang Hendra + kang Dudi (nu datangna patutur-tutur jeung kuring), sakalian wé mukaan makalah nu ti si ibu ditempat pendaftaran téa, hmm.. tapi asa pabaliut ningali makalah téh, ongkoh ceunah seminar (ternyata lain seminar, ningali na spanduk nu dipajang mah geuning Lokakarya) ngeunaan basa jeung kasenian sunda tapi kabéh makalahna ditulis dina Bahasa Indonesia heuheuy deuh...

Lain ngan ukur kuring, tapi ningali makalah éta téh kang Hendra ogé sempet koméntar, geuning makalahna maké Bahasa Indonesia kabéh nya..? teuing atuh cékéng téh.

Dilebak di Balé Pangriungan kadéngé acara geus dimimitian, ngan geuning keukeuh wé maké Bahasa Indonesia.. ah kumaha ieu téh..

Kulantaran acara geus dimimitian, kuring, kang Dudi jeung kang Hendra tuluy ka lebak, hareupeun balé pangriungan tepung jeung kang Maki (pupuhu KBS) nu keur diwawancara ku RRI, sempet ngobrol sakeudeung, tidinya tuluy naék ka tempat acara, kabeneran digigireun Pak Inotji Hayatullah aya tempat kosong, nya atoh pisan atuh, tuluy gék wé diuk didinya (sugan wé ari diuk deukeut inohong mah katépaan pinter ah..)

Harita nu keur medar makalah Pak Iyod, kajeun makalahna ditulis dina Bahasa Indonesia tapi geuning bahasa nu dipaké ku anjeuna medar makalah mah maké basa sunda.. Alhamdulillah..

Di tempat acara meunang deui makalah nu ditulis ku Pak Anis Djatisunda judul makalahna “Budaya Sunda Katalangsara”.. (hmm.. deudeuh teuing budaya sunda).. tah ieu mah  asli yeuh makalahna maké basa sunda, nuhun ah Pak Anis..

Mun cék kuring pribadi, ieu acara téh alus.. komo mun bahasa nu dipaké dina éta acara téh basa sunda, sesuai jeung tema na  “Pelestarian Bahasa Dan Seni Daerah Sunda Dalam Kurikulum Pendidikan” pasti alus pisan.

Tapi kukituna.. ti kuring pribadi mah salutlah keur panitia..

Haturnuhun ti simkuring kanggo panitia nu tos tihothat ngurus éta acara, komo kanggo tuang siang sareng lalawuhna mah nuhun pisan.. TOP BGT lah…

Haturnuhun kanggo pihak KBS (kang Maki + réngrénganna..) nu daréhdéh pisan + teu boseneun ningali kuring nu rada sering ka KBS.. heuheu..

Haturnuhun kanggo baraya KUSnét nu aya di Bogor (kang Hendra, kang Dudi, Téh Herni, kang Hadi + neng Litha nu tos ngarencangan kukurilingan di Bogor)

 

Bdn.
Sisi Cihaliwung, 5 Mei 2008 Jam 10.00  WIK


Blog EntryTi Acara Seminar Sehari di KBSApr 22, '08 12:13 AM
for everyone

Minggu jam 6.00 geus siap tuluy berangkat, tujuan ka stasiun Kalibata rék naek KRL, teu lila dijalan ti imah ka stasiun da lancar bubuhan poe minggu.

Dua poé saméméhna geus daftar ka néng Agni yén kuring deuk miluan acara seminar nu diayakeun di KBS nu ngangkat téma “REVITALISASI MAKNA DAN KHASANAH SITUS SINDANGBARANG”, saméméhna ogé sempet sms-an jeung kang Hendra ti majalah balébat ngeunaan hal ieu.

Tepi ka stasiun tuluy meuli tikét, tah pas nungguan mah rada lila da basa kuring tepi ka stasiun téh karéta nu ka Bogor karék berangkat pisan, kapaksa kudu nungguan karéta nu lianna.

Tadina mah matak naék karéta sotéh sugan wé ari minggu isuk-isuk mah moal padedet na karétana, tapi melését tah perhitungan téh, da geuning karéta padet pisan metet bari pasesedek, kabeneran aya rombongan pengajian, jigana mah rek ngahadiran acara Maulid di daerah Citayam. Teu bisa kumaha kajeun padet ogé diteruskeun wé da ari kudu ganti jalur mah naék beus meureun lila deui.

Tepi ka Bogor geus jam 8 liwat, malahan mah ampir setengah 9.. karasa pipiaraan nyaéta sakadang cacing na jero beuteung geus nagih parab, atuh di stasiun téh eunteup heula di tukang mie ayam, tapi teu poho telepon ka kang Hendra bébéja yen kuring karék tepi ka stasiun.

Réngsé maraban cacing tuluy naék angkot nu ka BTM, tidinya nyambung kana angkutan nu ka SBR, nya teu pati lila geus tepi ka pengkolan nu ka KBS.

Lantaran waktu geus liwat ti jam 9 atuh buru-buru naék ojég, da ningali na jadwal mah pan acara seminar téh mulai jam 9. bener wé pas tepi ka KBS acara sési kahiji geus dimimitian, ngan karék pembukaan, dina sési ieu nu jadi pembicara nyaeta Pak Priyatna ti DISBUDPAR jeung Pak Agus Arismunandar ti FIB UI , nu jadi moderator kang Hendra ti majalah balébat.

Sanggeus bérés ngeusi daftar hadir di panitia, dibéré makalah, tuluy wé naék ka balé pangriungan, tempat lumangsungna acara, harita téh giliran Pak Priyatna ti DISBUDPAR Kab. Bogor nu medar makalahna (éh asana anjeuna mah teu nyandak makalah da, mun cék urang cariu mah eta téh ditalar meureun)

Réngsé Pak Priyatna tuluy Pak Agus Arismunandar ti FIB UI nu medar makalahna dina judul “BANGUNAN SUCI DALAM MASA KERAJAAN SUNDA, TINJAUAN TERHADAP KERANGKA ANALISIS”. Eusi makalahna lumayan munel. Saréngséna Pak Agus medar makalahna tuluy aya sési tanya jawab, teu kudu dicaritakeun kumaha raména sési tanya jawab da jigana mah éta nu ditunggu-tunggu ku para penanya mah, hal ieu dibuktikeun ku ramé jeung bervariasina terutama pertanyaan keur Pak Priyatna, seputar kebijakan PEMDA ngeunaan situs-situs titinggal karuhun .

Ampir jam 12 acara sési ka 1 réngsé, tidinya acara ISHOMA, kurang leuwih setengah dua sési ka 2 mulai, dina sési ieu aya tilu pembicara nyaéta Pak Anis Djatisunda, Pak Inotji Hayatullah sareng Pak Hasan Djafar.

Kulantaran Pak Anis berhalangan hadir ahirna makalahna dina judul “FENOMENA KEAGAMAAN MASA SUNDA KUNA MENURUT BERITA PANTUN & BABAD” dibacakeun ku kang Akhmad Mikami Sumawijaya pupuhu Kampung Budaya Sindangbarang, dina sési ieu nu jadi moderator Pak M. Iskandar ti FIB UI.

Pak Inotji medar makalahna nu dibéré judul “KEPURBAKALAAN DI WILAYAH BOGOR PERSPEKTIF BUDAYA DAN FOLKLOR”

Sementara Pak Hasan Djafar makalahna “MASA AKHIR KERAJAAN SUNDA (ABAD XVI) DAN PERMASALAHANNYA”

Saperti dina sési kahiji, sési kadua ieu gé lumayan euyeub ku pertanyaan, hanjakal Pak Anis teu hadir padahal aya sababaraha pertanyaan ti peserta nu katingalina ditujukeun ka anjeuna.

Dina sési kadua ieu mah lumayan rada tunduh, maklum da wareg, cuaca mendung bari angin ngahiliwir atuh katingalina aya sababaraha peserta nu lelenggutan, ngan ngadadak cenghar deui da aya lalawuh nyaéta cai kopi, cai entéh haneut, seupan sampeu jeung boléd nu disuguhkeun ku panitia.

Acara ditutup ampir jam 4 soré.

Tah ieu kesimpulan/rumusan nu dihasilkeun tina acara seminar ieu :

1. Situs Sindangbarang sangat penting untuk dilestarikan keberadaannya dan harus tetap disosialisasikan, mengingat situs Sindangbarang merupakan bukti aktifitas keagamaan masyarakat Sunda kuna yang terletak dekat dengan lokasi situs Pakuan Pajajaran di Bogor.

2. Untuk mencegah hilangnya situs-situs yang telah ditemukan di sindangbarang, diharapkan ada perhatian dari semua pihak untuk tetap melakukan penelitian dan konservasi.

3. Menindak lanjuti usulan agar komplek situs Sindangbarang dijadikan salah satu wilayah cagar budaya di Jawa Barat.

4. Dinamika sejarah peradaban Sunda memang masih berjalan sampai sekarang, ditandai dengan masih berjalannya kebudayaan itu dalam kehidupan warga sekitar, akan tetapi memang diperlukan data dan pengkajian serta penelitian yang lebih dari apa yang telah dilakukan supaya khazanah budaya sunda semakin kaya dan semakin dinamis.

Haturnuhun ti si kuring kanggo sadayana nu aya di KBS dinten minggu kamari, utamana kanggo pupuhu KBS sareng réngréngan panitia ogé baraya ti KUSnét.


Bdn
Sisi Cihaliwung, Salasa 22 April 2008


Blog Entry“Bogor”Mar 21, '08 2:25 AM
for everyone

Bogor

Tah di dinya, ku andika adegkeun éta dayeuh
laju ngaranan Bogor
sabab bogor téh hartina tunggul kawung

Ari tunggul kawung
émang gé euweuh hartina
euweuh sotéh ceuk nu teu ngarti

Ari sababna, ngaran kudu Bogor
sabab bogor mah dijieun suluh teu daék hurung
teu melepes tapi ngelun
haseupna teu mahi dipaké muput

Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu
kuat milangan mangsa

Amun kadupak
matak borok nu ngadupakna
moal geuwat cageur tah inyana

Amun katajong
mantak bohak nu najongna
moal geuwat waras tah cokorna

Tapi, amun dijieun kékéséd?
sing nyaraho
isukan jaga pagéto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngawarah si calutak

Tah kitu!
ngaranan ku andika éta dayeuh
Dayeuh
Bogor!

[
Pantun Pa  Cilong, "Ngadegna Dayeuh Pajajaran"]


Blog EntryPILKADESDec 16, '07 9:34 PM
for everyone

Alhamdulillah kamari poé minggu 16 Désémber 2007 di Désa Kutamekar, Kecamatam Cariu, Kabupatén Bogor, tos dilaksanakeun Pemilihan Kepala Désa kalayan lancar teu aya gangguan kaamanan nu berarti.

Ningali tina segi kaamanan mémang lumayan berhasil, hal ieu bisa ngawujud ku ayana gawé babarengan antara masyarakat terutama pamuda jeung aparat kaamanan nu beurang peuting ngajaga supaya ulah aya pihak luar terutamana mah tukang maén judi asup ka lembur mangaruhan pemilih ku jalan ngabagi-bagi duit, tapi justru didieu aya kasalahan nu gedé, ari pihak luar dijagaan sementara pendukung masing-masing calon bébas gerilya narik massa ku cara ngabagi-bagi duit, jadi jelas pamilihan téh teu jujur da didinya aya money politics..

Lamun ningali kana masalah adil atanapi henteu, bisa ditingali tina keberpihakkan jajaran aparat désa nu nyata pisan ngadukung incumbent, jadi intina mah masih jauh tina adil.

Keur kuring pribadi terus terang mémang boga kepentingan nu gedé pisan dina masalah PILKADES ieu, tapi lain berarti kuring ngadukung salah sahiji calon, éta mah teu pisan-pisan, ongkoh deui da kuring mah geus teu boga hak pilih di desa kutamekar téh.

Nu disebut kepentingan ku kuring mah mungkin leuwih pantes mun disebut harepan keur kahareupna, nyaéta hayang ningali kaayaan désa tempat kuring dilahirkeun ieu leuwih maju dina sagala segi, masyarakatna bisa leuwih ma’mur, da nu katingali ayeuna mah désa kutamekar téh mun cék kuring mah kaasup daerah minus.

Jadi inti na mah ayeuna masalah pilkades téh geus bérés, nu meunang calon nomer 1, harepan kuring jeung masyarakat sa kutamekar, mudah-mudahan kahareupna ieu désa bisa jadi désa nu subur, ma’mur, kahirupan masyarakatna serba kacukupan, tertib jeung taat hukum + taat kana aturan agama.


Pesen keur nu kapilih :

INGET…!!! Ayeuna  anjeun keur meunang amanat nu kudu dipertanggungjawabkeun dunia akhérat, jadi ulah coba-coba nyéléwéngkeun amanat jeung kapercayaan ti masyarakat ka anjeun.


Pesen keur nu teu kapilih :

Sing sabar.. sing tawakal.. éléh pamilihan kepala désa lain berarti ahir tina sagalana, pokona kudu terus semangat.. sing yakin yén Gusti Alloh gaduheun rencana nu langkung saé keur anjeun.

 

Pesen keur para pendukung calon :

Enggeus ah..!!! masalah PILKADES mah da geus bérés.. jadi ulah pabaeud-baeud komo tepi ka silih talapung mah rujit dékkah ngadéngéna ogé

Ayeuna mah urang bandungan wé, mun kepala désa nu kapilih teu balég tinggal di démo wé ku saréréa.. pan ayeuna mah usum démo crazy.. heuheuheu…

 

 

Minggu 16 Desember 2007

Jam 11:11 PM (Peuting Mang…)


Blog EntryLalampahan Ka HBH KUSnet (#2)Oct 30, '07 8:57 PM
for everyone

Nincak wanci janari sora anjing babaung teu eureun-eureun, atuh méméh adzan subuh ogé kuring geus hudang da ku gandéng téa ongkoh deui tiris, jakét kulit, kaos kaki jeung samping sarung ampir euweuh pangaruhna tetep wé tiris ni ngahodhod.

Bari diharudung sarung kurah-koréh néangan hapé na kantong jakét, tuluy dipencét katingali aya sms, pasti ti kang Runa cék pikir téh, enya wé teu jauh tina panyangka, kang Runa sms jam 3 berarti geus leuwih ti sa jam éta sms asup, ngan teu karasa da kuring keur anteng ngimpi ngeukeupan nu geulis.. “kang posisi dimana..? abdi tos di jatinangor” cék sms ti kang Runa.

Can sempet malesan sms kadéngé kang Iim telpon tuluy nanya posisi, sihoreng manéhna telpon ka kang Runa nanyakeun posisi bari ngabéjaan yén kuring opatan geus aya di deukeut BUPER Kiara Payung keur kékémpingan.

Lantaran  teu bisa saré deui nya tuluy wé hudang, terus kaluar tina ténda dituturkeun ku kang Iim.. kuring mah kaluar tina ténda téh langsung ngadeukeutan mobil di gigireun pos penjagaan maksud téh rék mariksa bisi aya hil yang mustahal da posisi antara mobil jeung ténda téh rada anggang, mangkaning kabéh tas aya dijero mobil.. ari kang Iim tuluy mulungan régang nu gararing keur mirunan.

Bérés tunga-tengo kana jero mobil tuluy ngajanteng hareupeun pos, kang Runa datang bari rada ngahodhod maklum wé da tas momotoran ti Bogor tepi ka Kiara Payung.

Sanggeus sasalaman tuluy nyampeurkeun kang Iim nu keur mirunan, kang Runa mah ngadon ngampar deukeut pamirunan tuluy weh tibra..

Jam 5.30 aya nu datang ti tonggoh, sihoréng si bapa nu muka gembok panto.. tidinya mah kuring, kang Kumi & kang Iim mantuan Abah Aqis ngabongkar jeung mérésan ténda, tuluy ngahudangkeun kang Runa diajak ka tonggoh.

Geus rada beurang kurunyung kang Toni, Wa Tito, jeung nu séjénna, datang ogé néng Anit saparakanca mawa go’ong dan teman-temanyah.. nya tuluy we ramé-ramé ngakutan alat-alat dibawa ka aula, kuring kabagian kuli nanggung go’ong euy.. heuheuheu…

Alhamdulillah HBH KUSnét nu ka opat ieu lancar teu aya halangan nu berarti, dimimitian ku pembukaan, nu di emsian ku kang Ikmal + neng Anit, tuluy pembacaan ayat suci Al-Qur’an ku kang Adit, aya ogé sambutan ti Ketua Panitia HBH, sesepuh KUSnét, sareng ti Apih Siddik nu janten pamangku hajat..

Tidinya nincak kana acara masihan pangajén ka Bah Ija (Dalang Wayang Catur) sareng Pa’ Sukarma (Pimpinan Seni Tarawangsa), diteruskeun ku penampilan dua kasenian éta.

Haturnuhun KUSnét, ku ayana kuring ilubiung ngagabung di KUSnét jadi apal kana kasenian sunda buhun modél wayang catur jeung tarawangsa. Da asana mah sapanjang nyunyuhun hulu karék ayeuna apal aya kasenian nu ngaranna wayang catur jeung tarawangsa.

Bérés tampil dua kesenian éta dituluykeun ku jaipongan, tah nu ieu mah sumpah.. matak betah ningalina da nu nembang jeung nun ngibing (penari na) sarua geulisna, dagangan kaos gé ditinggalkeun we ku kuring da resep ningali jaipongan.. heuheuheu..

Saméméh maghrib jaipongan geus eureun.. tah ayeuna mah bagian rada HOROR yeuh caritana.. hiiiiiiiii……

Bérés acara jaipongan tée Imas ngajak kuring jeung kang Iim neangan kamar nu rada simpé, da rék utang-itung bayareun, (téh Imas juru bayar alias bendaharana) ongkoh kuring ogé rék setor duit hasil dagang kaos, nya tuluy wé neangan Pa’ Eman ménta dipangmukakeun kamar nu beulah kulon hiji, maksud téh mun geus bérés utang-itung éta kamar rék dipaké keur kamar para wanoja kaasup téh Imas.

Keur anteng utang-itung tiluan ngadadak panto nu tadina muka téh nutup, téh Imas langsung nyorowok “hei jangan ditutup pintunya” tapi taya nu némbalan nya tuluy wé panto téh dibuka deui ku kang Iim bari luak-lieuk ningalian saha nu nutup.. tapi………..teu aya sasaha euy.. ah angin meureun cék pikiran kuring, tapi nyaéta da asa euweuh angin.. mun aya gé kudu angina nu rada tarik karék bisa nutupkeun panto.

Tidinya teu jadi éta kamar téh dipaké ku wanoja, téh Imas sieuneun jigana mah da langsung ménta pindah ka kamar nu beulah wétan.

Alhamdulillah dua peuting di Kiara Payung kuring mah teu manggihan nu anéh-anéh, malahan peuting nu kadua mah kuring, kang Kumi jeung kang Toni saré téh di aula da teu kabagian tempat, tapi aman-aman sajah.. kuring kabagian ngabaturan bonang, kang Kumi maturan gendang, ari kang Toni mah dengan go’ong tercinta.. heuheuy deuh.. hidup go’ong…


*tos ah cape ngetikna hihihi

saurna néng Lygia aya nu ngagupayan (sok atuh néng dongéngkeun)


Blog EntryLalampahan Ka HBH KUSnetOct 29, '07 9:35 PM
for everyone
Juma'ah sore jam 16.30 WIK (persis saperti nu geus direncanakeun) turun ti lantai 11 tempat kuring andeprok bari males email juragan belekok.. dina lift panggih jeung mang ujang batur sakantor nu urang sumedang, ngobrol jeung manehna, ternyata manehna rek langsung balik ka sumedang.. hmm kabeneran euy jadi aya batur yeuh..

Ti hareupeun kantor naek beus PPD.. tepi ka pul primajasa pas pisan datang mobil jurusan lebak bulus - garut, nya teu make reureuh heula langsung we naek da sieun kaburu hujan, maklum harita jkt geus mulai ceudeum..

Tepi ka cileunyi tuluy naek angkot teuing jurusan mana da uing mah teu merhatikeun.. nya nuturkeun mang ujang we da pan manehna nu urang ditu.. da keur di beus keneh ge geus nyarita ka manehna uing deuk ka Jatos, ceuk manehna "hayu bareng we jeung sayah"..

Turun hareupeun Jatos jam 19.45 (ningali na hape), hmm.. cacing geus sing purilit menta parab nya tuluy we asup ka jero Jatos, nguriling sakeudeung, ningali aya ichi bento.. sup we kadinya tuluy pesen, ngahaja milih tempat diuk diluar supaya bebas udud, ti tas shalat jum'at can udud pisan euy.. ni asa hasyeum.. heuheu..


Tamba gado ngaburayot bari nungguan pesenan.. trus udud + rada nyantey ningalian nu rancunit.. nyaan euy di Jatos loba nu rancunit.. jadi asa betah.. heuheu.. inget jangji jeung kang Iim rek panggih di bumina neng Pupi, tuluy we telp ka bumina neng Ipup da sieun kang Im geus nungguan.. ari pekteh kang Iim can aya.. pas ditelp ceunah masih dijalan keneh..


Pesenan datang teu make ditunda deui langsung sikaaaatttt..


Beres nyikat pesenan.. tuluy hudang bari rada beurat ayeuna mah yeuh.. da tengkina pinuh.. pokona mah cukuplah keur tepi ka isuk mah (hampura ambu Bagja.. gara2 tengki uing pinuh, uing teu bisa ngahanca beuleum lauk, padahal geus susah payah ambu Bagja nyiapkeun.. sakali deui hampura)..


Tepi ka hareupeun bumina Ambu/Abah Bagja.. inget kana sms ti kang Iim, majar ceunah kang Ikmal jeung kang Runa oge tos dijalan dan sedang meluncur menuju Jatinangor.. Ah telp heula we, sugan maranehna ge geus deukeut.. ai pekteh kang Ikmal masih di batawi, karek saptu isuk rek berangkat..


Lumayan lila di bumina neng Pupi.. ngadon kongres we jeung kang Kumi, neng Pupi, kang Iim + Abah Aqis sakalian nungguan kang Runa.. jam 10 telp ka kang Runa.. nanyakeun geus tepi kamana... "Abdi nembe kaluar ti WARNET kang, di Bogor keneh" heuheu.. boro mah uing narungguan.. ternyata kang Runa masih di Bogor, rencana manehna tabuh 11 karek rek meluncur ti Bogor..


Liwat tengah peuting ahirna diputuskeun yen urang deuk neruskeun lalampahan ka kiara payung.. keun we kang Runa mah sina nyusul ka kirpay da apaleun ieuh.. eta oge ditawaran ku kang Kumi nyare didinya da aya kamar kosong cenah.. tapi asa laluasa mun langsung kaluhur, supaya mun hudang kabeurangan teu rurusuhan da geus tepi ka nu dituju..


Tiluan.. kuring, kang Kumi jeung kang Iim.. kana mobil kang Iim, sementara Abah Aqis ngageber Vespa na nanjak ka Kirpay.. geus sepi pisan da waktu geus ngagayuh ka janari.. tapi dijalan masih sempet sababaraha kali papaliwat jeung motor nu "SUNYOTO"..


Tepi ka pintu gerbang BUPER ternyata pantona dikonci.. euh pamiarsa sadaya.. hanjakal waktosna seep...

eh encan kutang.. eh ketang.. kusabab teu bisa asup ka areal nu rek dipake hbh nya ahirna aya tawaran ti Abah Aqis.. kumaha mun pasang tenda.. kabeneran si abah mawa tenda da isukna rek aya acara ngasuh ABG 70 urang di Pangalengan.. nya ahirna mah derr we pasang tenda trus ngagoyey dijero tenda.. tirisss euy.. tapi lumayan bisa oge istirohat tepi ka subuh....

bdn.
*cape ning ngetik teh.. ke we ah urang teruskeun deui...



Blog EntryGula (Episode Panungtung)Oct 8, '07 8:48 PM
for everyone
Sabtu 6 Oktober 2007 (Maghrib)
Adzan di mesjid barusan aja selesai, kami sekeluarga (tanpa andhika karena dia sedang jadi panitia SANLAT di Cikunir) masih buka puasa, kedengeran pintu belakang digedor dan tiba-tiba adik iparku masuk.. ga pake basa-basi lagi dia langsung bilang "kak.. nenek meninggal"
Innalillahi Wa Innailaihi Rooji'un..

Aku minta adinda & ibunya sholat maghrib duluan dan terus pergi ke kontrakkannya almarhumah, sementara aku telp P' RT yang saat itu lagi di Bandung, supaya dia cepat pulang karena banyak yang mesti kita rundingkan..
Beres telp. trus sholat maghrib & langsung meluncur nyusul ke rumah duka..
disana ternyata sudah ada beberapa orang tetangga & anak-anak remaja yang lagi nyiapin untuk masang tenda, sementara didalam ada ibunya adinda + 2 orang tetangga & Danil (putranya almarhumah) yang lagi nangis deket kaki almarhumah..

Setelah Danil agak tenang.. kami berembuk sama warga yang lain, hasilnya diputusin bahwa jenazah akan dimakamkan hari minggu 7 oktober 2007 pagi..

Minggu pagi semua persiapan sudah beres, tinggal nunggu jenazah dikafani dan di sholatkan.
Terimakasih Yaa Alloh ternyata begitu banyak orang yang simpati sama Nenek.
Terimakasih sudah engkau kirimkan seorang dokter yang begitu baik dan berhati mulia, yang rela merawat nenek selama nenek sakit, tanpa minta imbalan apapun bahkan beliau juga rela mengeluarkan uang untuk membelikan makanan + obat-obatan yang diperlukan nenek..

Terimakasih dokter Hans.. semoga Alloh membalas dengan berlipat ganda untuk semua kebaikan anda..

Lagi duduk sambil agak2 ngelamun dikit tiba-tiba hp-ku bunyi.. ternyata yang telp Neneng adik sepupuku..

"Assalamu'alaikum.. aya naon neng...?"
"A.. punten bade ngawartosan.. si Opang maot tadi"
"Maot...?.. ah sing bener neng..."
"Leres A.. tadi enjing kecelakaan lalulintas, meninggal ditempat.. ayeuna Uwa (orang tuaku) oge tos aya didieu.."
"
Innalillahi Wa Innailaihi Rooji'un.. enya nuhun neng.. ke aa telp balik"
(Opang.. nama lengkapnya Opang Efendi, putra bungsunya bibiku.. meninggal dunia hari minggu pagi karena kecelakaan lalulintas..)

Yaa Alloh hapunten sagala dosa-dosa Almarhum Opang Efendi & Almarhumah ibu Siti Aminah, caangkeun kuburna, tempatkeun almarhum sareng almarhumah di ditempat nu pangsaena..
Yaa Alloh pasihan kasabaran sareng kakiatan kanggo kulawargi nu dikantunkeun dina nampi ieu papasten..

sisi ciliwung 11.21 WIK

Blog EntryUltah AdindaOct 1, '07 12:52 AM
for everyone

30 September 2007 kemarin usia adinda genap 9 tahun...
"Selamat ulang tahun ya nak.. Ayah, Bunda & A Dhika selalu berdo'a, semoga ade jadi seorang wanita yang shalehah.."


Blog EntryAya-aya wae..Sep 24, '07 11:06 PM
for everyone
Bukan intan berlian, bukan permata
Yang akan kuberikan untuk dirimu
Hanya sebuah lagu yang sederhana
Sebagai persembahan ulang tahunmu

Selamat ulang tahun...


*sebagian syair dari sebuah lagu yg dinyanyiin Evi Tamala

kemarin malam sambil ngoprek kompor trus nyalain winamp.. kebetulan memang ada lagu itu, trus ikut ngahariring dech.. asyik...
tiba-tiba adinda nyamperin trus ngomong "ini kan lagu selamat ulang tahun ya yah..?"
"iya.. kenapa nak..?"
"ade mau ayah nyanyiin lagu ini pas ade ulang tahun"

Upsss.. aya-aya wae...




Blog EntryCareuhSep 21, '07 2:53 AM
for everyone
Salila bulan september ieu kurang leuwih geus opat kali listrik di wewengkon kuring pareum, teuing kunaon.. ehm reseppeun we meureun urang PLN na.. jigana mah sarua resepna jeung majukeun batas pembayaran ti tanggal 20 tiap bulanna ayeuna mah batasna teh jadi tanggal 10, hmm.. saingan jeung mayar SPP barudak.

Dua peuting nu geus kaliwat kira-kira satengah sapuluh, keur rada tekun hareupeun kompor da aya hanca ngalempengkeun garis.. sibungsu nyampeurkeun hayang dipangmuterkeun lagu ceunah, nya tuluy we dipangmuterkeun lagu karesepna..

Can seep lagu ujug-ujug pett lampu pareum, lapur we garis nu geus dilempengkeun teh teu ka "save" da komporna milu pareum.. (bandel sih ti bareto titah make UPS, ngan henteu wae)

Rada keuheul sabenerna mah tapi da teu bisa kumaha..


Keur miceun ka keuheul ahirna mah ngadaweung we diteras bari udud.. aya 15 menit ngadaweung katingali jiga ucing naek tina pager hareup kana tembok tuluy kana kenteng, tadina mah teu pati dipalire da biasana ge sok loba ucing.. tapi pas geus dina kenteng katingali buntutna ngambay.. ah lain ucing ieu mah da buntutna panjang jeung asa ngahiliwir seungit daun pandan.. hmm.. teu salah ieu mah pasti careuh..

Buru-buru ngageroan indungna barudak menta pangmawakeun senter..  pas dicaangan make senter bener we geuning careuh.. tapi asa kagebah meureun tuluy sakadang careuh teh leumpang, tapi lain turun kalahka naek terus ka deukeut suhunan.. wah barabe yeuh.. ditungguan rada lila bari digebah-gebah teu daekkeun ingkah, ahirna mah kuring naek ka kamarna andhika.. tidinya tuluy naek kana plafon. saenggeus digebah tina plafon mah kakara sakadang careuh teh turun..

Jigana mah eta sakadang careuh teh memang matuh.. da asa sok sering kaambeu bau daun pandan teh.. ongkoh deui kamari si adi nyarita ceunah eta careuh teh sering aya malahan mah ampir unggal peuting, kadang sok mapay-mapay kabel listrik tina tihang nu hiji kana tihang nu sejenna..

Careuh.. mapay kabel..? sering pareum listrik..? ah euweuh hubunganna da..
pokona mah keur diakalan kumaha carana eta careuh bisa ditewak dina kaayaan hirup, ngahaja rek dipiara.. heu..heu...


* sisi ciliwung bari ngabuburit


Blog EntryGula Deui..Sep 11, '07 2:26 AM
for everyone
Masih seputar gula...

Kamari pas keur makan siang gurubugh sakadang hp ngagurubugh.. ditingali adi kuring telp..
"Assalamu'alaikum" cek kuring..
"Wa'alaikumsalam, kak telp balik ya pulsa saya abis" ceuk si adi bari nutup telp.
pikiran kuring pasti manehna keur di rumah sakit, da isuk-isuk geus dipesen ku kuring supaya manehna ngabaturan daniel sakalian nyupiran keur mawa nenek ka rumah sakit..
Teu ditunda deui tuluy we kuring telp ka nomer adi..

"Kak, saya lagi di rumah sakit xxx... gimana ya.. mereka nolak, alesannya ruang perawatan penuh, malah mereka nyaranin supaya dibawa langsung ke yyy..., trus gimana menurut kakak..?" ceuk si adi hariweusweus..
kuring ngahuleng sajongjongan.. sabenerna mah geus dipikirkeun ti peuting mula, mun dirawat di rumah sakit eta, kuring rek runding jeung tatangga nu sejen, terutama mah rek menta karidhoan ibu-ibu supaya bisa gantian nungguan nenek mun beurang, da ari peuting mah aya daniel jeung barudak ngora, ongkoh deui rumah sakitna teu pati jauh ti imah, ngan ukur sakali naek mikrolet, tapi mun kudu ka rumah sakit nu disebutkeun ku si adi asana teh jauh teuing, karunya kanu nungguan.. akhirna kuring nyarita ka si adi

"Sekarang bawa ke rumah sakit zzz... aja de, kebetulan kakak pernah liat mereka pasang spanduk terima pasien dengan kartu GAKIN, kan kalo disitu enak.. deket dari rumah kita.. tinggal jalan kaki aja.."

Geus ampir 2 jam kuring telp deui ka si adi.. "Gimana de bisa ngga..?"
"Saya udah dirumah kak, tadi mampir ke rumah sakit zzz... tapi mereka juga nolak, katanya mereka ga terima pasien dengan kartu GAKIN, trus nenek juga keliatannya udah cape banget, makanya saya bawa pulang.."

Kadorong ku rasa panasaran, sore balik gawe pas hareupeun rumah sakit, dina angkot kuring rarat-reret ningalian sugan aya keneh spanduk nu aya tulisan "Disini Terima Pasien Dengan Kartu GAKIN".. owh enya ning geus euweuh..

Tapi ke.. eta geuning ayeuna mah malahan lain spanduk tapi aya samodel papan nama nu tulisanna ampir sarua jeung tulisan dina spanduk.. tapi naha tadi suster nu narima pendaftaran nyarita ka si adi majar teh teu narima pasien GAKIN..

Jadi mana atuh nu bener tur bisa dipercaya..? duka teuing atuh.. jigana mah memang slogan pengobatan gratis untuk orang miskin teh ngan ukur "OMDO"

* sisi ciliwung jam 13.25

Blog EntryGula...Sep 10, '07 12:19 AM
for everyone
"Yah.. nenek sakit" sababaraha peuting nu geus kaliwat indungna barudak nyarita ka kuring..
"Oya.. udah nengokin belum" cek kuring.. "Udah, tadi pulang dari pengajian ibu-ibu trus mampir, kasihan banget yah.. kakinya luka makanya dia ga bisa jalan".. cek indungna barudak..
Ti saprak peuting eta teu kungsi ngobrolkeun deui masalah eta..
Tepi ka poe minggu kamari isuk-isuk kuring keur ngadaweung dipipireun imah, biasa bari ngadaweung, udud, bari nyuruput teh tubruk, teu lila datang Daniel (anak si ibu nu biasa disebut nenek ku kuring sakeluarga)..

"Darimana Niel...? kuring nanya..
"Dari rumah Pak RT kak, tapi dianya ngga ada.. akhirnya saya mampir aja kesini" cek manehna.. bari terus we nyarita panjang lebar, ti mimiti nyaritakeun indungna nu keur gering tepi ka masalah anjuran mantri nu peuting ku manehna dipanggil, ceunah indungan kudu dibawa ka rumah sakit supaya bisa dirawat..
"Saya bingung kak, semaleman ga bisa tidur, ibu badanya panas tapi dia juga menggigil kedinginan, saya bingung mau ngomong sama siapa.. kan kakak tau sendiri saya ga punya saudara disini, trus saya juga anak satu-satunya, kalo mesti bawa ibu ke rumah sakit terus terang kak saya ngga punya duit"

Tina obrolan eta kanyahoan yen manehna neangan Pak RT teh maksudna rek menta surat pengantar keur nyieun kartu GAKIN (Keluarga Miskin) ka kelurahan..
Supaya manehna leuwih tenang pok kuring nyarita "Masalah surat pengantar biar kakak yang urus, sekarang Daniel pulang aja kasihan ibu sendirian".. "Iya kak, makasih" cek manehna bari tuluy pamitan ka kuring jeung indungna barudak.. teu poho ku indungna barudak dibahanan kadaharan alakadarna..

Daniel jeung Nenek teh tatangga nu ngontrak deukeut imah kuring, lumayan akrab jeung keluarga kuring, komo ka adinda mah nenek teh jiga ka incuna sorangan..

Manehna duaan indung jeung anak, nu sakanyaho kuring mah teu bogaeun keluarga deukeut.. salila kuring kenal, asa can ningali maranehna kadatangan tamu/dulurna..
Kontrakanna jauh tina sebutan layak, ukuran 2,5m x 2,5m tempat sare sakaligus tempat masak, pokona mah keur sagala aktifitas nya dilakukeun didinya..

Umur nenek geus leuwih ti 60 taun, ayeuna keur gering.. dina dampal sukuna aya luka nu lumayan lebar tepi ka katingali bohak.. nenek teh boga panyakit kencing manis (diabetes mellitus).. sementara Daniel anak hiji-hijina memang gawe.. tapi penghasilanna ngan ukur 400 rebu sabulan, bisa dibayangkeun panghasilan sakitu dipake keur hirup duaan..

"Nek.. sing enggal damang nya..."
Abdi sakulawargi mung tiasa ngadu'akeun mugi nenek dipasihan kakiatan ku Alloh SWT..

Blog EntryNgobrol sareng AndhikaJan 29, '07 12:54 AM
for everyone

Malem saptu si cikal bebeja sakalian menta ijin yen poe saptu jam 17.00 rek ka sakola deui, malahan mah malem mingguna oge deuk ngadon mondok di sakolana da aya acara Rohis, ari rencanana acara eta nyaeta ti saptu jam 17.00 tepi ka minggu jam 08.30.. kabeneran salian ti aktif di Rohis si cikal oge jadi ketua OSIS di sakolana, jadi ceunah harus dan kudu hadir.. nya ceuk kuring teu nanaon, kuring ngijinan da acarana jelas..

Minggu pasisiang aya obrolan antara kuring jeung si cikal, diantarana kieu.. :

Si Cikal : Yah.. disekolah mau ngadain acara keagamaan, kita mau undang penceramah..

Kuring : Oya.. yang ngadain siapa..? trus kapan & tanggal berapa acaranya..?

Si Cikal : Yang ngadain Ikatan Alumni kerjasama sama Rohis, acaranya nanti hari minggu tgl 11 februari, trus aa kepilih jadi ketua panitia, padahal udah bilang ga mau, eh malahan kakak yang dari ikatan alumni tetep aja milih aa untuk jadi ketua panitia..

Kuring : Ya udah ga apa-apa.. cuma rencana acaranya seperti apa sih..?

Si Cikal : Acaranya ya itu tadi, kita mau undang ustadz untuk ceramah dan minta beliau membahas tentang valentine day..

Kuring : koq ngebahas tentang valentine day, maksudnya apa A..? Aa tau ga apa itu valentine day dan bagaimana menurut aa sebagai seorang muslim..?

Si Cikal : Nah justru itu yang mau dibahas.. kebanyakan remaja kita (khususnya remaja muslim) kan ga ngerti sejarah dan asal-usul valentine day itu dari mana dan seperti apa..? kalo menurut yang pernah aa baca di file ayah yang ada di computer.. valentine day itu lebih banyak mudharatnya dan ga ada manfaatnya..

Tidinya obrolan makin panjang lebar, teu sangka eta si cikal nu ceuk titingalian kuring mah lumayan rada lenger.. trus sok rada daekan gelut jeung batur sakolana.. (teuing ngala kasaha da bapana mah baheula leuwih ti kitu.. hihihi…) geuning lumayan ngarti masalah kumaha hukumna mun urang pipilueun ngarayakeun acara valentine, anu memang jelas-jelas lain budaya islam.. Alhamdulillah.. Nuhun Gusti.. tos ngajagi pun anak tina pangaruh budaya deungeun, anu sama sakali tebih tina nilai-nilai islami.. Samemeh obrolan ditutup, kuring mere nasehat ka si cikal andhika.. A.. ga usah malu & ga usah marah, kalo ada temen yg bilang.. wah andhika ga gaul tuh, ga mau ikut ngerayain valentine day.. Aa harus yakin bahwa sebetulnya mereka yg ga gaul & ga ngerti.. .

Bdn 290107


© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help